Minggu, 23 Februari 2014

CARPON BASA SUNDA (Nyi Haji Saonah)

Carpon Basa Sunda (Nyi Haji Saonah)
Judul               : Nyi Haji Saonah
Panulis             : Sjarif Amin
Panerbit           : PT. Kiblat
Cetakan           : II, 2005
Kandel Buku   : 99 kaca
TEU WASA NGEUDALKEUNANA

Sjarif Amin atawa Moehammad Koerdi, katelah Pa Kurdi di babarkeun di Ciamis, 7 September 1970. Dina kabiasaan literaturna, komo dina wanda jurnalistik sunda, Sjarif Amin geus teu aneh deui. Lantaran memeh nulis carpon jeung novel, Anjeunna kaasup kana golongan ‘pionerr’ pers Indonesia, anu dimimitian jadi wartawan surat kabar basa sunda Sipatahoenan. Nu ditaun 1938 jadi pamingpin redaksina, nepi ka awal 70-an. Aya sababaraha karya tulisna nya èta Dilembur Kuring, Saumur Jagong, Keur Kuring di Bandung, jeung Perjuangan Paguyuban Pasundan 1914-1942. Lian ti tulisan tadi aya deuih karya saduran jeung tarjamahanana nya èta Kembang Patapan, Rajapati, Asal-Usul Logojo Paris, jeung Siddharta. Sedengkeun karya sastrana nu geus medal anu dibukukeun nya èta Babu kajajadèn, Nyi Haji Saonah, jeung Manèhna. Nèpi dina taun 1990 Pa kurdi dilèlèr Hadiah Rancagè, dumasar kana jasa-jasana dina ngabeungharan sastra sunda.
Nalika urang maca ieu carita tèh, meureun bakal karasa bingung kana ieu maksud jeung galur carita nu pabeulit maju mundur. Saumpama macana sakilas meureun karasa ieu novel kurang bumbu anu bisa nguatkeun pamaca pikeun maham kana tulisanna. Asa biasa kapeung mah teu ngarti kana udagan si pangarang. Nu matak kudu alon-alon neleuman unggal kecapna. Tapi sanggeus maca sababaraha bab karèk kapanggih leunjeuran carita tèh arusna kamana. Atuh da ènya rèk teu kitu kumaha, iwal ti galurna, dina ngembohkeun rasa tokoh-tokohna Sjarif Amin ni siga nu asa-asa, teu makè basa cara kawas dina novèl sunda sejènna. Anu kekecapanna tèh to the point, jeung masalah kana tokoh-tokohna nu geus ngaganjelek ti anggalna kènèh. Ari Sjarif Amin saacan cog ka nu naon intina, mawa heula pamaca ngulayaban jalan-jalan ka mangsa nu tukang, ngimpleng ka mangsa nu datang. karèk pas rèk ngomongkeun rasa tokohna tara pisan togmol kana nu dimaksud,malah betus gè ari teu kapaksa-paksa teuing mah dipahing. Ku gaya basa nanu leleus èstu ngudag kasurti pamacana pikeun nuturkeun caritana.
Tema nu dipidangkeun dina ieu novèl, ngeunaan duriat nu teu pegat asana mah memang geus teu anèh, tibatan novel sunda sèjènna, nu leuwih wani ngangkat carita nu gandèng, hog-hag, pagunemanna tarik, henteu rèa nu disumputkeun. Ari dina Nyi Haji Saonah nu disodorkeun tèh ngan ceurik batin tokoh-tokohna, dina nyumputkeun rasa, ngabatinna nahan duriat, miceun gerentes rasa nu sumarabah dina manah, biwir nu kawengku ngembohkeun rasa.
Caritana nyaritakeun tokoh Si kuring nu  boga pikir ka dua leutik ka hiji wanoja, nu nenehna tèh Nyi Onah. Tapi teu kungsi kabiruyungan hirup pa duduaan dina ikètan akad nu suci. Lantaran Onah geus dianggap anak ku indungna Si kuring, nu ngalantarankeun Si kuring mikir jadi lanceuk pikeun Onah. dina waktu harita.nalika  indungna sasauran “ Weleh teu beunang ditanya, jinisna mah. Nu matak ibu ngajurung manèhna nyuratan ogè, saking ku naon. Lain sakali dua kali ku ibu dilelekan, angger ngaheneng. Pangpadeurina kakara walèh, cènah ‘melang ka ibu’. Da enya ku ibu ogè karasa, ari ku kitu tèa mah. Lantaran geus lain nalang-nalang deui ayeuna mah, sagala karep kahayang ibu ku manèhna kaigelan. Duka mun nu miharèpna lain batur salembur…….”    ari ayeuna carita nu mangsa katukang teh kokolebatan, karek ngarti kana cacaritaan indungna, katambah beuki jentrè. Komo deui rasa èta tèh beuki asa ngarasuk kana manah Si kuring nalika ngadengè Haji Sirod nu jadi salaki Nyi Onah maot, jeung na deui Onah nu balik deui ka kahirupanna kawas ngahajakeun mèrè isarah yèn boga rasa ka Si Kuring. nu nèpi ka betus nyarita “…..Ngarèwong ngiring manutan…..”.
Nu puguhna mah Sjarif Amin makè basa nu diapik-apik nyobaan ngungkulan rasa èta ngaliwatan kekecapan anu dipagunemkeun dina ieu novel, jeung ngamunculkeun masalah dina hatè tokoh-tokohna.
Aya ciri khas nu katèmbong dina karya Sjarif Amin, nya èta gaya basana nu apik, teu karasa kaleuleuwihi sanajan siga nu rada rarahulan justru beulah dinya nu nyieun si pamaca ngilu tèleub lebah rasa tokoh-tokohna. Loba nyaritakeun rasa duriat nu kacida, nu moal boa memang ti sababaraha novèlna ditulis kurasa duriat nu keur kaalaman luar biasa gegeutna ku si pangarang. Pikeun Nyi Haji Saonah loba makè babasan jeung paribasa, nu hartina teu katulis sacara langsung (impilisit) tapi nyumput dina unggal kècap anu dipagunemkeun, situasi nu kajadian, jeung eusi batin tokoh-tokohna. Aya deui nu unikna dina ieu novel aya nu matak geregetna nya èta naha ènya yèn kabiasaan urang sunda teu bisa ngomong togmol pikeun ngebrèhkeun eusi hatè?. Bèt kudu malapah gedang?, bèt kudu makè sisindiran?, babasan jeung paribasa?. Nu geuning antukna mah karèk karasa ari dirarasa mah, ditèlèban mah, maksud indung ngomong, jeung tanda ti si Manèhna. Karèk katèmbrak nalika si Kuring geus boga pamajikan.         
Nyi Haji Saonah pas pisan dibaca pikeun apresiator sastra pikeun bacaeun nu bèda, atawa karya Sjarif Amin sejenna nu kapangaruhan ku cara ngarangna. Ti tema nu basajan jadi guluyuran carita nu amis jeung teu kaleuleuwihi tina konflik batin nu disuguhkeunna. Tapi lamun keur nu ngawahan pisan ngaaprèsiasi sastra, jeung munggaran pisan maca sastra sunda novel Nyi Haji Saonah jeung karya Sjarif amin sejènna. Meureun bakal karasa hèsè nyangkèm eusina jeung nuturkeun alur caritana. Sabab pamakèan gaya basa nu mandiri ti Si pangarangna. Ku kekecapan nu teu familiar, mana jeung maksud nu nyumput bisa ngabingungkeun nu maca. Tapi muru kapanasaran jeung kasurti nu maca pikeun ngarèngsèkeun ieu novel. Sangkan apal udagan ieu carita kamana.
Tapi punjulna ieu novel, bisa ngawawaas pamaca ku cara ngadèskripsikeun kayaan alam harita, nalika riweuhna jaman gorombolan, ngahudang imajinasi kana kaayaan alam, jeung kabiasaan mangsa harita. Ku daya pencitraan pamaca nu dihirupkeun. Jeung lebah ngoèt rasa pamaca nu nuturkeun alur pangarang, nataan pangalaman rasa nahan duriat nu teu kendat. Nu nodèl mamaras rasa.
Nyi Haji Saonah cetakan ka dua mangrupa terbitan PT. Kiblat Buku Utama, nu cetakan ka hijina diterbitkeun ku Panerbit Sumur Bandung. Nu salah sahiji alesanna pikeun nyumponan bacaan “public” panikmat sastra, hususna buku-buku kasundaan, jeung mantuan sastrawan local mublikasikeun karyana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar